BABAK I
Rampak pupujian:
Sholatullah Salamullah
‘Ala thoha rosulillah
Sholatulaah salamullah
Ala yassin habibillah
Tawasalna bibismilah
Wabilhadii rosulillah
Wakuli mujahidilillah
Bii ahlil badri ya Allah
(Nu
rampak laleumpang, paantay-antay, pairing-iring bari pananganana ranggah jeung
meureup. Terus kukurilingan. Sawareh caralik dina juru panggung. Nu tiluan maju
paguneman.)
Pamuda 1
Hei
dulur-dulur! Umat Islam jaya. Umat Islam meunang dina Perang Badar!
Pamuda 2
Alhamdulillahirobbil
‘alamin!
Sarerea
Alhamdulillahirobbil
‘alamin!
Pamudi 1
Ya dulur
kuring, kumaha Kangjeng Nabi Muhammad?
Pamuda 3
Allahu
Akbar, Rosulullah salamet. Ayeuna nuju istirahat di bumina.
Pamuda 2
Hidup
Rosulullah!
Pamuda 1
Mugi Allah nangtayungan
Anjeunna.
Sarerea
Amin! Amin
ya Robbal ‘alamin.
Rampak pupujian:
Sholatullah
Salamullah
Ala thoha
rosulillah
Sholatulaah
salamullah
Ala yassin
habibillah
Tawasalna
bibismilah
Wabilhadii
rosulillah
Wakuli
mujahidilillah
Biahlil
badri ya Allah
Allahu
Akbar! Allahu Akbar!
Allah-allahu
akbar!
(Rampak
kukurilingan dina panggung sababaraha kali. Terus mulang caralik di juru
panggung sareng nu sanesna).
BABAK II
Rampak Pamudi 1, 2, 3, 4 (ngawih –laguna: “Tlah Datang Lelaki Pilihan”)
Tos sumping pamingpin sajati
Tos sumping pamingpin pinilih
Anjeunna nyebarkeun cahaya
Anjeunna nyebarkeun cahaya
Tos sumping rasul nu pamungkas
Tos sumping rasul nu dijangjikeun
Anjeuna utusan Allah
Anjeunna nabiyullah
Pamudi 1
Ya Nabi
Allah, pasihan hate abdi cahaya
Pamudi 2
Ya Rasul
Allah, pelakkeun Iman sareng takwa
Pamudi 3
Ya
Rasullullah, pasihan abdi kasalametan
Pamudi 4
Ya
Nabiyullah, pasihan abdi katengtreman
Pamudi 1, 2, 3, 4 (ngawih):
Tos sumping pamingpin sajati
Tos sumping pamingpin pinilih
Anjeunna nyebarkeun cahaya
Anjeunna nyebarkeun cahya
Tos sumping rasul nu pamungkas
Tos sumping rasul nu dijangjikeun
Anjeuna utusan Allah
Anjeunna nabiyullah
Pamuda 1
Hei
dulur-dulur, tos nguping beja Umar bakal maehan Nabi Muhammad?
Sarerea:
Kumaha?
Pamuda 2
Umar bin
khatab, jagoan Qures bade nandasa Nabi urang.
Pamudi 1
Kapan kuring
nguping, Rasul ngadoa pikeun Umar.
Sarerea
Kumaha doa
Rosul teh?
Pamuda 3
Kieu doa
anjeunna teh: “Ya Allah, pasihkeun Umar tina dua Umar sangkan lebet Islam”.
Pamudi 2
Umar nu
mana? Pan Umar bin khatab mah rek nandasa Nabi urang, hayu urang ngabela Nabi!
Sarerea
Hayu!…hayu!
BABAK III
Episode 1
Umar binnil Khatab
Demi Latta jeung Uzza. Kuring ngadenge beja Fatimah
adi kuring asup Islam! Lamun kitu mah kuring rek maehan heula Fatimah. Awas
Fatimah! Awas Fatimah! Awas! (bari jalang-jeleng ngebarkeun
pedangna, tuluy kaluar ti panggung/ calik jeung pamaen sejenna)
Episode 2
Fatimah: (nuju maos alquran)
…..
Umar: (datang bari hahaok)
Fatimah!
Naon nu dipigawe ku anjeun? Kaula teh rek maehan Muhammad, kalah anjeun asup
agama Muhammad!
Fatimah
Ya Umar,
lanceuk kuring. Sadar ya Umar. Muhammad teh saestuna nabi nu dijangjikeun. Teu
aya kasalahan dina diri anjeunna.
Umar binnil Khatab
Jempe! Geura
kaluar deui tina agama Muhammad!
Fatimah
Moal! Kuring
moal kaluar tina Islam
(Umar ngajengut tiung Patimah, tuluy
disuntrungkeun. Quranna ngacleng. Buru-buru Patimah nyandak eta Qur’an.)
Umar binnil Khatab
Naon eta teh
Fatimah? Kadieukeun!
Fatimah
Moal
dipasihkeun. Ieu teh Quran nu kedah dibaca ku jalmi-jalmi suci, dibaca ku
jalmi-jalmi nu lebet Islam. Ya Umar, anjeun teu pantes maca Quran suci nu
dicandak ku Muhammad.
Umar binnil Khatab: (ngahuleng
tuluy nyarita)
Upama kitu
cing pangmacakeun kumaha eusina teh. Kaula hayang ngadenge!
Fatimah: (maca Quran)
“Thaha ma
anzalna ‘alaikal qur’ana litasyqa” (Kami henteu nurunkeun Al-Quran ka aranjeun
supaya aranjeun hirup susah (ku eta Alquran)).
Umar: (ngeleketey, tuluy nyuuh. Geus kitu
nyarita bari ngalengis)
Allahu Akbar. Subhanalloh. Ya Fatimah, anteurkeun
kaula ka Muhammad. Saestuna kaula percaya ka Muhammad. Asyhadu ‘ala ilaha ilallah Waashadu anna muhammadarosulullah (Abdi
nyaksi saestuna teu aya Gusti salian ti Allah, sareng saestuna Muhammad teh
utusan Allah)
Fatimah:
Alhamdulillahirobbil’alamin. (Umar dicepeng pananganana).
Sarerea:
Alhamdulillahirobbil’alamin
Rampak pupujia:
Ilahihlas tulil Firdausi ahla
Wala akwa ala naril jahimi
Pahabli taubatan wagfir dunubi
Paina kagao piruldanbil adziemi
Aduh Gusti, abdi sanes ahli surga
Mung teu kiat pami kedah nandangan
naraka
Mung ka anjeun abdi neda pangampura
Saestuna abdi manusa nu kaniayaya
Aduh Gusti, abdi sanes ahli surga
Mung teu kiat pami kedah nandangan
naraka
Mung ka anjeun abdi neda pangampura
Saestuna mung anjeun sagara hampura
(Sadayana narangtung di panggung, tuluy ngahormat ka
penongton)
Kak apakah punya email atau kontak atau apapun yg bisa di hub. Dari pnulis naskah ini ?
BalasHapus