Minggu, 30 November 2014

Naskah Drama Bahasa Sunda (Umar Bin Khatab Lebet Islam)

BABAK I
Rampak pupujian:
Sholatullah Salamullah
‘Ala thoha rosulillah
Sholatulaah salamullah
Ala yassin habibillah
Tawasalna bibismilah
Wabilhadii rosulillah
Wakuli mujahidilillah
Bii ahlil badri ya Allah
(Nu rampak laleumpang, paantay-antay, pairing-iring bari pananganana ranggah jeung meureup. Terus kukurilingan. Sawareh caralik dina juru panggung. Nu tiluan maju paguneman.)
Pamuda 1
Hei dulur-dulur! Umat Islam jaya. Umat Islam meunang dina Perang Badar!
Pamuda 2
Alhamdulillahirobbil ‘alamin!
Sarerea
Alhamdulillahirobbil ‘alamin!
Pamudi 1
Ya dulur kuring, kumaha Kangjeng Nabi Muhammad?
Pamuda 3
Allahu Akbar, Rosulullah salamet. Ayeuna nuju istirahat di bumina.

Pamuda 2
Hidup Rosulullah!
Pamuda 1
Mugi Allah nangtayungan Anjeunna.
Sarerea
Amin! Amin ya Robbal ‘alamin.
Rampak pupujian:
Sholatullah Salamullah
Ala thoha rosulillah
Sholatulaah salamullah
Ala yassin habibillah
Tawasalna bibismilah
Wabilhadii rosulillah
Wakuli mujahidilillah
Biahlil badri ya Allah
Allahu Akbar! Allahu Akbar!
Allah-allahu akbar!
(Rampak kukurilingan dina panggung sababaraha kali. Terus mulang caralik di juru panggung sareng nu sanesna).

BABAK II
Rampak Pamudi 1, 2, 3, 4 (ngawih –laguna: “Tlah Datang Lelaki Pilihan”)

Tos sumping pamingpin sajati
Tos sumping pamingpin pinilih
Anjeunna nyebarkeun cahaya
Anjeunna nyebarkeun cahaya
Tos sumping rasul nu pamungkas
Tos sumping rasul nu dijangjikeun
Anjeuna utusan Allah
Anjeunna nabiyullah
Pamudi 1
Ya Nabi Allah, pasihan hate abdi cahaya
Pamudi 2
Ya Rasul Allah, pelakkeun Iman sareng takwa
Pamudi 3
Ya Rasullullah, pasihan abdi kasalametan
Pamudi 4
Ya Nabiyullah, pasihan abdi katengtreman
Pamudi 1, 2, 3, 4 (ngawih):
Tos sumping pamingpin sajati
Tos sumping pamingpin pinilih
Anjeunna nyebarkeun cahaya
Anjeunna nyebarkeun cahya
Tos sumping rasul nu pamungkas
Tos sumping rasul nu dijangjikeun
Anjeuna utusan Allah
Anjeunna nabiyullah
Pamuda 1
Hei dulur-dulur, tos nguping beja Umar bakal maehan Nabi Muhammad?
Sarerea:
Kumaha?
Pamuda 2
Umar bin khatab, jagoan Qures bade nandasa Nabi urang.
Pamudi 1
Kapan kuring nguping, Rasul ngadoa pikeun Umar.
Sarerea
Kumaha doa Rosul teh?
Pamuda 3
Kieu doa anjeunna teh: “Ya Allah, pasihkeun Umar tina dua Umar sangkan lebet Islam”.
Pamudi 2
Umar nu mana? Pan Umar bin khatab mah rek nandasa Nabi urang, hayu urang ngabela Nabi!
Sarerea
Hayu!…hayu!
BABAK III

Episode 1
Umar binnil Khatab
Demi Latta jeung Uzza. Kuring ngadenge beja Fatimah adi kuring asup Islam! Lamun kitu mah kuring rek maehan heula Fatimah. Awas Fatimah! Awas Fatimah! Awas! (bari jalang-jeleng ngebarkeun pedangna, tuluy kaluar ti panggung/ calik jeung pamaen sejenna)



Episode 2
Fatimah: (nuju maos alquran)
…..
Umar:  (datang bari hahaok)
Fatimah! Naon nu dipigawe ku anjeun? Kaula teh rek maehan Muhammad, kalah anjeun asup agama Muhammad!
Fatimah
Ya Umar, lanceuk kuring. Sadar ya Umar. Muhammad teh saestuna nabi nu dijangjikeun. Teu aya kasalahan dina diri anjeunna.
Umar binnil Khatab
Jempe! Geura kaluar deui tina agama Muhammad!
Fatimah
Moal! Kuring moal kaluar tina Islam
(Umar ngajengut tiung Patimah, tuluy  disuntrungkeun. Quranna ngacleng. Buru-buru Patimah nyandak eta Qur’an.)
Umar binnil Khatab
Naon eta teh Fatimah? Kadieukeun!
Fatimah
Moal dipasihkeun.  Ieu teh Quran nu kedah dibaca ku jalmi-jalmi suci, dibaca ku jalmi-jalmi nu lebet Islam. Ya Umar, anjeun teu pantes maca Quran suci nu dicandak ku Muhammad.
Umar binnil Khatab: (ngahuleng tuluy nyarita)
Upama kitu cing pangmacakeun kumaha eusina teh. Kaula hayang ngadenge!
Fatimah: (maca Quran)
“Thaha ma anzalna ‘alaikal qur’ana litasyqa” (Kami henteu nurunkeun Al-Quran ka aranjeun supaya aranjeun hirup susah (ku eta Alquran)).
Umar: (ngeleketey, tuluy nyuuh. Geus kitu nyarita bari ngalengis)
Allahu Akbar. Subhanalloh. Ya Fatimah, anteurkeun kaula ka Muhammad. Saestuna kaula percaya ka Muhammad. Asyhadu ‘ala ilaha ilallah Waashadu anna muhammadarosulullah (Abdi nyaksi saestuna teu aya Gusti salian ti Allah, sareng saestuna Muhammad teh utusan Allah)
Fatimah:
Alhamdulillahirobbil’alamin. (Umar dicepeng pananganana).
 Sarerea:
Alhamdulillahirobbil’alamin
Rampak pupujia:
Ilahihlas tulil Firdausi ahla
Wala akwa ala naril jahimi
Pahabli taubatan wagfir dunubi
Paina kagao piruldanbil adziemi
Aduh Gusti, abdi sanes ahli surga
Mung teu kiat pami kedah nandangan naraka
Mung ka anjeun abdi neda pangampura
Saestuna abdi manusa nu kaniayaya
Aduh Gusti, abdi sanes ahli surga
Mung teu kiat pami kedah nandangan naraka
Mung ka anjeun abdi neda pangampura
Saestuna mung anjeun sagara hampura
(Sadayana narangtung di panggung, tuluy ngahormat ka penongton)

1 komentar:

  1. Kak apakah punya email atau kontak atau apapun yg bisa di hub. Dari pnulis naskah ini ?

    BalasHapus