Jumat, 05 Desember 2014

Naskah Drama Bahasa Sunda (Ustad Saba Desa)

Assalamu’alakum Wr. Wb.
Hadirin nu sami rawuh di ieu patempatan, mungguhing ieu kahirupan, rupi-rupi kajadian tumiba, tiap detik tiap menit, ngawangun harmoni. Kadang suka bungah kadang ngageri sedih. Wangun carita kahirupan, aya nu dina jalur hak aya ge nu dina kabatilan. Ayan nu diluhur aya ge nu dihandap, aya pamingpin aya ge rahayatna.
Para wargi sadaya, (sebatkeun nami madrasah atanapi sakola) bade nyobi ngangkat carita kahirupan kana wangun drama sunda. Sanajan teu sarame sinetron Tukang Bubur Naik Haji, teu salucu sinetron Superhero, sumangga urang sakseni carita “USTAD SABA DESA”.
(opening music)
SESSION 1
Syahdan, di hiji pesantren, rea pisan santri anu nungtut elmu nyiar pangabisa. Eta pasantren disesepuhan ku hiji ajengan anu gede komarana, nyaeta mama ustad Ahmad Kosasih. Tapi diantara santri-santri nu nyuprih pangarti di eta tempat, aya hiji santri nu nyongcolang, jenenganana Cep Mamat.
Para hadirin, kacarios dina waktos pasosore di balandongan pasantren, mama ajengan Ahmad Kosasih nuju masihan wejangan ka santri pinilihna nyaeta Cep Mamat.
Ajengan       : “Cep Mamat, santri ama.........., geus sabaraha lila anjeun guguru di ieu pasantren    teh?"
Mamat        : “Oh mama...... kinten-kinten 3 taun abdi nyuprih elmu di mama teh....”
Ajengan       : (bari batuk) uhu...uhu.... “Enya, pidu’a ama,  mugi-mugi elmu panemu teh sing manfaat pikeun umat. Sing bisa mawana, ulah bosen-bosen nyadarken umat kana jalan hak, nu dipikarido ku gusti Allah. Tugas anjeun, amar ma’ruf nahi munkar. Pek indit ka lembur Sukadamar, anu geus ngalaman degradasi moral....”
Mamat        : “Okelah kalau begitu mama. Insya Allah abdi siap.....”
Ajengan       : “Hiji deui, Cep.......”
Mamat        : “Sumuhun mama.......”
Ajengan       : “Waspadalah....waspadalah....waspadalah.... Nu matak ngahancurkeun dakwah aya 3 ta, nyaeta harta, tahta, jenug wanita. Kade kade bisi kagoda...” Hek...........(ngajangheak)
Mama         : “Mama......mama.....mama......”
Mama ajengan Ahmad Kosasih keuna serangan jantung nu kagolong stadium opat. Cep Mamat jeung santri laina kacida sedihna ditinggal tilar ku guruna.
Tunda carita di pasantren. Kacarioskeun di lembur Sukadamar. Kabar rek datangna hiji pemuda nu rek merangan kadzoliman, geus sumebar. Aya nu ngarasa bungah, aya nu ngewa, aya ge nu apatis alias hare-hare.
Inem            : “Hei ceu Kokom, menurut kabar burung, cenah rek datang hiji ustad ka lembur urang teh......”
Kokom       : “Ah paling ge..... rek menta sumbangan pikeun nyieun masjid atawa pasantren....”
Uun             : “So pasti deh..... biasa juga begitu, datang ustad.... pasti menta ini itu...”
(datang Siti)...
Siti              : “Hei ibu-ibu teu kenging su’udzon kitu. Pan saur Allah dina Al-Quran, “sesungguhnya prasangka buruk itu adalah dosa” komo deui ieu mah su’udzon ka jalma anu rek mere kahadean. Teu kenging kitu ibu-ibu...”
Inem            : “Eh Siti..... tong ikut campur lah. Pan ceuk nu ngarti ge, amaluna amalukum. Amal kuring keur kuring, amal anjeun keur anjeun...”
 Kokom      : “Ibu-ibu yu kita Markem....”
Uun             : “Maksud lo?”
Kokom       : “ Ih dasar ceu Uun mah kurang gaul. Markem teh mari kita kemon....”
Inem            : “Kata bapa tebe, kalau ada ceu Siti... Kabuuuuuurrr....”
Tk. Sayur    : “Eh..... ibu-ibu uangna mana? Bayar heula sayurna. Dasar ibu-ibu kurang jeujeuhan, cenah ngaku loba duit, tapi teu daek mayar. Nasib-nasib..... kasbon lagi kasbon lagi....”
SESSION II
Para wargi sadaya, di lembur Sukadamar teh geus kacida bobrokna. Kosipa merajalela, tahayul beuki maweuh. Loba jelema nu sasar, ngenta-ngenta rizki ka setan jeung jurig. Di eta lembur, aya hiji rrentenir, anu kawentar tukang nginjeumkeun duit anakan, teu boga rarasaan, oge goreng adatna. Ngarana juragan Kempet.
Kempet       : “Mamih...... kadieu !”
Istrina          : “Aya naon papih ?”
Kempet       : “Cing pangnyokotkeun hp papih nu model terbaru nu aya radioan, aya tipian tea....”
Istrina          : “Dimana pih ?”
Kempet       : “Eta dina luhur dulang, ditutupan ku ayakan...”
Istrina          : “Yeuh papih...... tapi mamih mah teu rido lamun papih fesbukan, terus ceting jeung awewe lain.....”
Kempet       : “Tah...tah.... anggeur mamih mah, cemburu buta eta teh. Papih mah arek nelepon ka si nyai, anak urang, nu keur sakola di Singapura.”
Istrina          : “Oh kitu, nya sok atuh....”
Kempet       : (mencet tombol hp, tat tit tut....tat tit.tut....) “halo nyai, how are you today? Kumaha cageur? Kumaha bekel aya keneh? Mun kurang bebeja we, ke ku abah ditransfer, hayang sabaraha juta ge... Kitu we nyi... hati-hati nya....
(datang si bewok)
Bewok        : “Juragan..... ci....ci... cilaka”
Kempet       : “Aya naon ngomong teh sing bener ?”
Bewok        : “Ki...... kieu cenah, di lembur urang ges datang hiji pemuda, santrina ajengan Kosasih, eta pemuda teh rek ngaberantas kajahatan jeung kamusyrikan.”
Kempet       : “Wah cilaka lamun kitu mah, usaha dewek bisa bangkrut. Bewok bejaan si Kasmin, aya pagawean kituh..... jig jeung maneh.”
Bewok        : “Ma.... ma..... mangga juragan.”
SESSION III
(Mamat nyanyi)
“Guruku telah pergi
Pergi menghadap Illahi
Hatiku sedih sekali
Di tinggal pujaan hati”
(bewok + Kasmin datang)
Bewok        : “Min, ji.... jigana ieu si Mamat... Mamat teh ?”
Kasmin        : “Heuheuh bener, yu urang samperkeun !”
Bewok        : “Hayu....”
Kasmin        : “Hey pemuda..... bener anjeun nu ngarana Mamat ?
Mamat        : “Bener, aya perlu naon?”
Kasmin        : “Mun hayang salamet, mending anjeun balik deui, ulah tulus dakwah di ieu lembur.”
Mamat        : “Geus jadi kawajiban kuring amar ma’ruf nahi munkar, sanajan aya jurang ngahalangan.”
Bewok        : “Kasmin, men....mending be....be.... bere pelajaran ieu mangkluk teh.”
Mamat        : “Okelah kalau begitu !!
                        Neangan lauk ka Jangari
                        Meunangna ti Haji Saroji
                        Lamun bener anjeun wani
                        Geura maju hiji-hiji.”
Bewok        : “meuli lauk ka Jangari
                        Jang mere ema paraji
                        Bener pisan kuring wani
                        Yeuh si Bewok si nomor hiji.”
Kasmin            : “Serang Bewok............!!!!!!”
(Hiyat....hiyat......hiyat.....hiyat......tak......tak.....tak......tak......tak.......dug......dug......dug....dug....aw.....aw...aw...aw....)
Bewok        : ”Adddduhh........... si anton kuring katenggeul dulur......!!!
Mamat        : “Sok tinggal anjeun saurang deui, wani keneh teu ?
Kasmin        : “Meuli bubur jeung tarigu
                        Di tambah comro saboboko
                        Moal mundur najan sasiku
                        Sabab kuring jago maenpo”
Mamat        : “Ulah sok ngala gurita
                        Lamun teu di eupanan
                        Ulah sok loba carita
                        Geura pek kuring lawanan”
Kasmin        : “Rasakeun teunggeulan kuring......”
(Hiyat....hiyat......hiyat.....hiyat......tak......tak.....tak......tak......tak.......dug......dug......dug....dug....aw.....aw...aw...aw....)
Kasmin        : “Addduuuhh...... Bisul kuring kateunggeul.....”
Kasmin +    : “Mang Dadang dagang bubur
Bewok            Yu urang kabuuuuuurrrrrrrrr......!!!!!”
Si Bewok jeung si Kasmin antukna kabur, serah bongkokan tina pangabisa Ustad Mamat. Para wargi sadayana, Ustad Mamat teh saliana guguru ngaji di pesantrren Mama Kosasih, singhoreng manehna guguru elmu beladiri pencak silat ti paguwon nu di luluguan ku Bah Idik di Gandasoli.
SESSION IV
Para hadirin hadirot nu Insya Allah dimulyakeun ku Allah S.W.T., urang tunda heula perjalanan Ustad Mamat ngajugjug lembur.
Ayeuna urang tingali hiji contoh kalakuan 2 urang pemuda, nu gede kahayang, tapi embung usaha neangan pakasaban. Ngaran eta pemuda katelahna si Duyeh jeung si Kardun.
Duyeh         : “Kardun, ceuk batur, gawe di arab atawa di Malaysia gede gajina euy... ceunah mah tilu juta sabulan. Ngenah jigana nya ?”
Kardun        : “Heueuh euy...... kuring ge asa hayang gawe jadi TKI, sabulan tilu juta, mun sataun 36 juta, mun 2 taun 72 juta, anyir badag euy....”
Duyeh         : “Eta ente mun boga duit sakitu rek meuli naon ?”
Kardun        : “Kuring mah rek meli tanah nu lega terus dipelakan sayuran, di jual sayurna, pasti bakal menang duit loba.”
Duyeh         : “Kuring mah rek ngurus sapi sing loba, ke susuna di jual ka pabrik susu.”
Kardun        : “Ari ngurus sapina rek dimana ?”
Duyeh         : “Deukeut kebon maneh...”
Kardun        : “Meureun kudu di pager..”
Duyeh         : “Ah.... teu kudu..”
Kardun        : “Naha ? meureun sapi-sapi maneh ngaranjah ka kebon kuring.”
Duyeh         : “Heueuh ngahaja, sangkan kuring teu cape neangan jukut.”
Kardun        : “ Rek di pager ah...”
Duyeh         : “Entong....”
Kardun        : “Rek di pager pokonamah...”
Duyeh         : “Eh di entong-entong teh...”
Kardun        : “Ah maneh mah nyieun gara-gara...”
Duyeh         : “Pokonamah tong di pager....
(pasea terus gelut)
(datang Lurah + hansip)
Lurah          : “Eh aya naon ieu teh ? teu hade ngadon pasea.
Kardun        : “Kieu Pa Lurah.... kuring teh pan ngebon sayuran, ari si Duyeh ngurus sapi deukeut kebon kuring, atu meureun engke sapina ngaranjah ka kebon kuring.”
Lurah          : “Dimana kebon maneh teh ?”
Kardun        : “Karek ngalamun eta ge, Pa Lurah.”
Lurah          : “Euh.... Sugan teh bener, sok ayeuna mah sasalaman. Kopral Menot pek damaikeun tah !”
Kopral        : “Duyeh, Kardun maneh teh pan sobat lin, sok silih hampura.”
Duyeh         : “Dun hampura nya kuring.”
Kardun        : “Heueuh fren, kuring ge menta hampura.”
Duyeh         : “Hidup Pa Lurah.”
Kardun        : “Hidup Kopral Menot, hidup ema...”
SESSION V
Urang tinggalkeun si Duyeh jeung si Kardun nu geus saladar tina kalakuana. Kocap di bumina Pa Lurah Jakarsih, dina wanci sore sareng putrina, nyaeta Neng Siti Salamah nuju uplek ngawangkong di teras bumina, bari nyaneut bala-bala jeung cikopi ti warung ceu Kokom.
Lurah          : “Nyi, umur teh tos sabara taun ?”
Siti              : “Kaping 25 Juni ayeuna, yuswa abdi nincak 18 tahun. Aya naon kitu ama....”
Lurah          : “Ah heunteu..... ama hoyong apal ue.”
Nalika nuju ngobrol, torojol aya tamu nyaeta Ustad Mamat.
Mamat        : “Assalamu’alaikum”
Lurah +       : “Wa’alaikumsallam Waromatullohi Wabarokatuh.”
Siti              : “Manggah linggih.”
Lurah          : “Punten tumaros, manawi aya kaperyogian.”
Mamat        : “Oh muhun. Tipayun, abdi nyanggakeun salam silaturahmi ka Pa Lurah miwah kulawargi. Kaduana, sim kuring teh wasta pun Mamat, santri almarhum mama Ajengan Kosasih ti pasantren Darul Haq.”
Lurah          : “Oh..... muhun-muhun. Nya bapa didieu, ngiring bela sungkawa ku pupusna Ajengan Kosasih. Dupi pamaksadan ?”
Mamat        : “Kieu Pa Lurah, abdi teh diutus ku mama kanggo memeres ieu lembur anu saur pun guru mah kamusyrikan merajalela, para kaum wanita tos teu isin nembongkeun oratna, oge para remaja anu tos teu kirang hormat ka sepuhna.”
Lurah          : “Nya Alhamdulilllah...... nuhun pisan cep, leres kitu kaayaan ieu lembur teh.”
(datang kopral Menot)
Kopral        : “Tulung..... tulung Pa Lurah, Neng Siti..... itu juragan Kempet sareng anak buahna nuju ngamuk.”
Lurah          : “Alah.... dimana ?”
Kopral        : “Di tengah lembur, Pa Lurah.”
Lurah          : “Cep Mamat, Siti hayu urang tingali kaditu..”
Mamat +     : “Mangga........”
Siti
SESSION VI
Para wargi sadayana, leres pisan juragan Kempet teh nuju amuk-amukan ka masyarakat lembur Sukadamar.
Inem            : “Aduh juragan, pasihan waktos abdi teu acan tiasa mayar sametan.”
Kokom       : “Leres gan, caroge abdi na oge teu acan uih ti Malaysia jadi TKI, janten hutang abdi teu acan tiasa kabayar ayeuna.”
Uun             : “Abdi oge sami, artos sertipikasi caroge abdi ge teu acan cair.”
Kempet       : “Euweuh alesan, pokona mah tiada maaf bagimu, pokona mah lamun teu mayar ayeuna, imah maraneh kabeh di sita.”
Inem +        : “Ampun juragan........ ampun !”
Kokom +
Uun
(Datang Mamat, Siti, jeung Pa Lurah)
Mamat        : “Eh...... eh nanaonan kalakuan teh, meuni euweuh rarasaan, komo ieu ka awewe.”
Kempet       : “Eh........ Pemuda
                        Nginum limun campur dawet
                        Entong poho dahar bubur
                        Lamun anjeun hayang salamet
                        Entong wani ikut campur...”
Mamat        : “Meuli roti meuli bubur
                        Isukan meuli sayur
                        Kuring pasti ikut campur
                        Sebab wajib ngabela dulur....”
Kempet       : “Buah nangka buah peuteuy
                        Kasmin, Bewok serang euy...”
Kasmin        : “Aduh...... juragan, kuring mah taluk ah ku Ustad Mamat mah... kapok.”
Bewok        : “Kuring ge teu wani gan.....”
Kempet       : “Euh percuma boga anak buah teh. Hey pemuda, terima yeu tenggeulan kuring.”
(Hiyat.... hiyat.... hiyat..... hiyat..... tak.... tak..... tak..... tak..... plak.... plak..... plak..... plak.... Aw.... aw.... aw.... aw....)
Kempet       : “Aduh tulung..... sirah kuring leungit..... euy... ampun Cep mamat, kuring taluk.”
Mamat        : “Enya sok nangtung....”
Sadayana    : “Hidup Ustad Mamat... hidup Ustad Mamat... hidup Ustad Mamat...”
Inem            : “Ssssst...... pengumuman-pengumuman. Nu pantes jadi istri Ustad Mamat, anak kuring si Ayu.”
Kokom       : “Teu bisa, nu cocok mah anak kuring, si Onah si demplon si menor si eplok cendol.”
Uun             : “ceu Inem ceu Kokom, sorry yah calonna Cep Mamat mah anak kuring, Neng Ikem, sanes kitu Cep ?”
Mamat        : “Dasar ibu-ibu centil.... sim kuring mah dugi ka ayeuna teu acan kaemutan rumah tangga. Garapeun masih rea. Amar ma’ruf nahi munkar masih panjang lalakona. Sim kuring hayang ninggal ngawujudna kahirupan umat muslim. Pan ceuk nasyid ge..........”
(Nyanyi sararea)
“Bangkitlah negriku..... harapan itu masih ada
Berjuanglah bangsaku, jalan Dakwah masih terbentang.”
Hidup Cep Mamat.... hidup teh Siti.... hidup Pa Lurah..
Hidup Ema.......”
Mung sakitu lalkon Ustad Mamat saba Desa, mudah-mudahan ngajantenkeun pelajaran kanggo urang sadayana dina enggoning ngajalankeun ieu kahirupan.
Hapunten bilih aya kecap atanapi kalimat anu matak ngajaheutkeun kana manah, Bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.
“Wassalamu’allaikum Wr. Wb.”