Assalamu’alakum Wr. Wb.
Hadirin
nu sami rawuh di ieu patempatan, mungguhing ieu kahirupan, rupi-rupi kajadian
tumiba, tiap detik tiap menit, ngawangun harmoni. Kadang suka bungah kadang
ngageri sedih. Wangun carita kahirupan, aya nu dina jalur hak aya ge nu dina
kabatilan. Ayan nu diluhur aya ge nu dihandap, aya pamingpin aya ge rahayatna.
Para
wargi sadaya, (sebatkeun nami madrasah
atanapi sakola) bade nyobi ngangkat carita kahirupan kana wangun drama
sunda. Sanajan teu sarame sinetron Tukang Bubur Naik Haji, teu salucu sinetron
Superhero, sumangga urang sakseni carita “USTAD SABA DESA”.
(opening music)
SESSION 1
Syahdan, di hiji pesantren, rea
pisan santri anu nungtut elmu nyiar pangabisa. Eta pasantren disesepuhan ku
hiji ajengan anu gede komarana, nyaeta mama ustad Ahmad Kosasih. Tapi diantara
santri-santri nu nyuprih pangarti di eta tempat, aya hiji santri nu
nyongcolang, jenenganana Cep Mamat.
Para hadirin, kacarios dina waktos
pasosore di balandongan pasantren, mama ajengan Ahmad Kosasih nuju masihan wejangan
ka santri pinilihna nyaeta Cep Mamat.
Ajengan :
“Cep Mamat, santri ama.........., geus sabaraha lila anjeun guguru di ieu
pasantren teh?"
Mamat :
“Oh mama...... kinten-kinten 3 taun abdi nyuprih elmu di mama teh....”
Ajengan :
(bari batuk) uhu...uhu.... “Enya,
pidu’a ama, mugi-mugi elmu panemu teh
sing manfaat pikeun umat. Sing bisa mawana, ulah bosen-bosen nyadarken umat
kana jalan hak, nu dipikarido ku gusti Allah. Tugas anjeun, amar ma’ruf nahi
munkar. Pek indit ka lembur Sukadamar, anu geus ngalaman degradasi moral....”
Mamat :
“Okelah kalau begitu mama. Insya Allah abdi siap.....”
Ajengan :
“Hiji deui, Cep.......”
Mamat :
“Sumuhun mama.......”
Ajengan :
“Waspadalah....waspadalah....waspadalah.... Nu matak ngahancurkeun dakwah aya 3
ta, nyaeta harta, tahta, jenug wanita. Kade kade bisi kagoda...”
Hek...........(ngajangheak)
Mama :
“Mama......mama.....mama......”
Mama ajengan Ahmad Kosasih keuna
serangan jantung nu kagolong stadium opat. Cep Mamat jeung santri laina kacida
sedihna ditinggal tilar ku guruna.
Tunda carita di pasantren.
Kacarioskeun di lembur Sukadamar. Kabar rek datangna hiji pemuda nu rek
merangan kadzoliman, geus sumebar. Aya nu ngarasa bungah, aya nu ngewa, aya ge
nu apatis alias hare-hare.
Inem :
“Hei ceu Kokom, menurut kabar burung, cenah rek datang hiji ustad ka lembur
urang teh......”
Kokom :
“Ah paling ge..... rek menta sumbangan pikeun nyieun masjid atawa
pasantren....”
Uun :
“So pasti deh..... biasa juga begitu, datang ustad.... pasti menta ini itu...”
(datang
Siti)...
Siti :
“Hei ibu-ibu teu kenging su’udzon kitu. Pan saur Allah dina Al-Quran, “sesungguhnya prasangka buruk itu adalah
dosa” komo deui ieu mah su’udzon ka jalma anu rek mere kahadean. Teu
kenging kitu ibu-ibu...”
Inem :
“Eh Siti..... tong ikut campur lah. Pan ceuk nu ngarti ge, amaluna amalukum.
Amal kuring keur kuring, amal anjeun keur anjeun...”
Kokom :
“Ibu-ibu yu kita Markem....”
Uun :
“Maksud lo?”
Kokom :
“ Ih dasar ceu Uun mah kurang gaul. Markem teh mari kita kemon....”
Inem :
“Kata bapa tebe, kalau ada ceu Siti... Kabuuuuuurrr....”
Tk. Sayur : “Eh..... ibu-ibu uangna mana? Bayar heula sayurna. Dasar
ibu-ibu kurang jeujeuhan, cenah ngaku loba duit, tapi teu daek mayar.
Nasib-nasib..... kasbon lagi kasbon lagi....”
SESSION
II
Para wargi sadaya, di lembur
Sukadamar teh geus kacida bobrokna. Kosipa merajalela, tahayul beuki maweuh.
Loba jelema nu sasar, ngenta-ngenta rizki ka setan jeung jurig. Di eta lembur,
aya hiji rrentenir, anu kawentar tukang nginjeumkeun duit anakan, teu boga
rarasaan, oge goreng adatna. Ngarana juragan Kempet.
Kempet :
“Mamih...... kadieu !”
Istrina :
“Aya naon papih ?”
Kempet :
“Cing pangnyokotkeun hp papih nu model terbaru nu aya radioan, aya tipian
tea....”
Istrina :
“Dimana pih ?”
Kempet :
“Eta dina luhur dulang, ditutupan ku ayakan...”
Istrina :
“Yeuh papih...... tapi mamih mah teu rido lamun papih fesbukan, terus ceting
jeung awewe lain.....”
Kempet :
“Tah...tah.... anggeur mamih mah, cemburu buta eta teh. Papih mah arek nelepon
ka si nyai, anak urang, nu keur sakola di Singapura.”
Istrina :
“Oh kitu, nya sok atuh....”
Kempet :
(mencet tombol hp, tat tit tut....tat
tit.tut....) “halo nyai, how are you today? Kumaha cageur? Kumaha bekel aya
keneh? Mun kurang bebeja we, ke ku abah ditransfer, hayang sabaraha juta ge...
Kitu we nyi... hati-hati nya....
(datang si bewok)
Bewok :
“Juragan..... ci....ci... cilaka”
Kempet :
“Aya naon ngomong teh sing bener ?”
Bewok :
“Ki...... kieu cenah, di lembur urang ges datang hiji pemuda, santrina ajengan
Kosasih, eta pemuda teh rek ngaberantas kajahatan jeung kamusyrikan.”
Kempet :
“Wah cilaka lamun kitu mah, usaha dewek bisa bangkrut. Bewok bejaan si Kasmin,
aya pagawean kituh..... jig jeung maneh.”
Bewok :
“Ma.... ma..... mangga juragan.”
SESSION
III
(Mamat nyanyi)
“Guruku
telah pergi
Pergi
menghadap Illahi
Hatiku
sedih sekali
Di
tinggal pujaan hati”
(bewok
+ Kasmin datang)
Bewok :
“Min, ji.... jigana ieu si Mamat... Mamat teh ?”
Kasmin :
“Heuheuh bener, yu urang samperkeun !”
Bewok :
“Hayu....”
Kasmin :
“Hey pemuda..... bener anjeun nu ngarana Mamat ?
Mamat :
“Bener, aya perlu naon?”
Kasmin :
“Mun hayang salamet, mending anjeun balik deui, ulah tulus dakwah di ieu
lembur.”
Mamat :
“Geus jadi kawajiban kuring amar ma’ruf nahi munkar, sanajan aya jurang
ngahalangan.”
Bewok :
“Kasmin, men....mending be....be.... bere pelajaran ieu mangkluk teh.”
Mamat :
“Okelah kalau begitu !!
Neangan lauk ka Jangari
Meunangna ti Haji Saroji
Lamun bener anjeun wani
Geura maju hiji-hiji.”
Bewok :
“meuli lauk ka Jangari
Jang mere ema paraji
Bener pisan kuring wani
Yeuh si Bewok si nomor
hiji.”
Kasmin :
“Serang Bewok............!!!!!!”
(Hiyat....hiyat......hiyat.....hiyat......tak......tak.....tak......tak......tak.......dug......dug......dug....dug....aw.....aw...aw...aw....)
Bewok :
”Adddduhh........... si anton kuring katenggeul dulur......!!!
Mamat :
“Sok tinggal anjeun saurang deui, wani keneh teu ?
Kasmin :
“Meuli bubur jeung tarigu
Di tambah comro saboboko
Moal mundur najan sasiku
Sabab kuring jago
maenpo”
Mamat :
“Ulah sok ngala gurita
Lamun teu di eupanan
Ulah sok loba carita
Geura pek kuring
lawanan”
Kasmin :
“Rasakeun teunggeulan kuring......”
(Hiyat....hiyat......hiyat.....hiyat......tak......tak.....tak......tak......tak.......dug......dug......dug....dug....aw.....aw...aw...aw....)
Kasmin :
“Addduuuhh...... Bisul kuring kateunggeul.....”
Kasmin + :
“Mang Dadang dagang bubur
Bewok Yu urang kabuuuuuurrrrrrrrr......!!!!!”
Si Bewok jeung si Kasmin antukna
kabur, serah bongkokan tina pangabisa Ustad Mamat. Para wargi sadayana, Ustad
Mamat teh saliana guguru ngaji di pesantrren Mama Kosasih, singhoreng manehna
guguru elmu beladiri pencak silat ti paguwon nu di luluguan ku Bah Idik di
Gandasoli.
SESSION IV
Para hadirin hadirot nu Insya Allah
dimulyakeun ku Allah S.W.T., urang tunda heula perjalanan Ustad Mamat ngajugjug
lembur.
Ayeuna urang tingali hiji contoh
kalakuan 2 urang pemuda, nu gede kahayang, tapi embung usaha neangan pakasaban.
Ngaran eta pemuda katelahna si Duyeh jeung si Kardun.
Duyeh :
“Kardun, ceuk batur, gawe di arab atawa di Malaysia gede gajina euy... ceunah
mah tilu juta sabulan. Ngenah jigana nya ?”
Kardun :
“Heueuh euy...... kuring ge asa hayang gawe jadi TKI, sabulan tilu juta, mun
sataun 36 juta, mun 2 taun 72 juta, anyir badag euy....”
Duyeh :
“Eta ente mun boga duit sakitu rek meuli naon ?”
Kardun :
“Kuring mah rek meli tanah nu lega terus dipelakan sayuran, di jual sayurna,
pasti bakal menang duit loba.”
Duyeh :
“Kuring mah rek ngurus sapi sing loba, ke susuna di jual ka pabrik susu.”
Kardun :
“Ari ngurus sapina rek dimana ?”
Duyeh :
“Deukeut kebon maneh...”
Kardun :
“Meureun kudu di pager..”
Duyeh :
“Ah.... teu kudu..”
Kardun :
“Naha ? meureun sapi-sapi maneh ngaranjah ka kebon kuring.”
Duyeh :
“Heueuh ngahaja, sangkan kuring teu cape neangan jukut.”
Kardun :
“ Rek di pager ah...”
Duyeh :
“Entong....”
Kardun :
“Rek di pager pokonamah...”
Duyeh :
“Eh di entong-entong teh...”
Kardun :
“Ah maneh mah nyieun gara-gara...”
Duyeh :
“Pokonamah tong di pager....
(pasea
terus gelut)
(datang Lurah + hansip)
Lurah :
“Eh aya naon ieu teh ? teu hade ngadon pasea.
Kardun :
“Kieu Pa Lurah.... kuring teh pan ngebon sayuran, ari si Duyeh ngurus sapi
deukeut kebon kuring, atu meureun engke sapina ngaranjah ka kebon kuring.”
Lurah :
“Dimana kebon maneh teh ?”
Kardun :
“Karek ngalamun eta ge, Pa Lurah.”
Lurah :
“Euh.... Sugan teh bener, sok ayeuna mah sasalaman. Kopral Menot pek damaikeun
tah !”
Kopral :
“Duyeh, Kardun maneh teh pan sobat lin, sok silih hampura.”
Duyeh :
“Dun hampura nya kuring.”
Kardun :
“Heueuh fren, kuring ge menta hampura.”
Duyeh :
“Hidup Pa Lurah.”
Kardun :
“Hidup Kopral Menot, hidup ema...”
SESSION
V
Urang tinggalkeun si Duyeh jeung si
Kardun nu geus saladar tina kalakuana. Kocap di bumina Pa Lurah Jakarsih, dina
wanci sore sareng putrina, nyaeta Neng Siti Salamah nuju uplek ngawangkong di
teras bumina, bari nyaneut bala-bala jeung cikopi ti warung ceu Kokom.
Lurah :
“Nyi, umur teh tos sabara taun ?”
Siti :
“Kaping 25 Juni ayeuna, yuswa abdi nincak 18 tahun. Aya naon kitu ama....”
Lurah :
“Ah heunteu..... ama hoyong apal ue.”
Nalika
nuju ngobrol, torojol aya tamu nyaeta Ustad Mamat.
Mamat :
“Assalamu’alaikum”
Lurah + :
“Wa’alaikumsallam Waromatullohi Wabarokatuh.”
Siti :
“Manggah linggih.”
Lurah :
“Punten tumaros, manawi aya kaperyogian.”
Mamat :
“Oh muhun. Tipayun, abdi nyanggakeun salam silaturahmi ka Pa Lurah miwah
kulawargi. Kaduana, sim kuring teh wasta pun Mamat, santri almarhum mama
Ajengan Kosasih ti pasantren Darul Haq.”
Lurah :
“Oh..... muhun-muhun. Nya bapa didieu, ngiring bela sungkawa ku pupusna Ajengan
Kosasih. Dupi pamaksadan ?”
Mamat :
“Kieu Pa Lurah, abdi teh diutus ku mama kanggo memeres ieu lembur anu saur pun
guru mah kamusyrikan merajalela, para kaum wanita tos teu isin nembongkeun
oratna, oge para remaja anu tos teu kirang hormat ka sepuhna.”
Lurah :
“Nya Alhamdulilllah...... nuhun pisan cep, leres kitu kaayaan ieu lembur teh.”
(datang kopral Menot)
Kopral :
“Tulung..... tulung Pa Lurah, Neng Siti..... itu juragan Kempet sareng anak
buahna nuju ngamuk.”
Lurah :
“Alah.... dimana ?”
Kopral :
“Di tengah lembur, Pa Lurah.”
Lurah :
“Cep Mamat, Siti hayu urang tingali kaditu..”
Mamat + :
“Mangga........”
Siti
SESSION
VI
Para wargi sadayana, leres pisan
juragan Kempet teh nuju amuk-amukan ka masyarakat lembur Sukadamar.
Inem :
“Aduh juragan, pasihan waktos abdi teu acan tiasa mayar sametan.”
Kokom :
“Leres gan, caroge abdi na oge teu acan uih ti Malaysia jadi TKI, janten hutang
abdi teu acan tiasa kabayar ayeuna.”
Uun :
“Abdi oge sami, artos sertipikasi caroge abdi ge teu acan cair.”
Kempet :
“Euweuh alesan, pokona mah tiada maaf bagimu, pokona mah lamun teu mayar
ayeuna, imah maraneh kabeh di sita.”
Inem + :
“Ampun juragan........ ampun !”
Kokom +
Uun
(Datang Mamat, Siti, jeung Pa
Lurah)
Mamat :
“Eh...... eh nanaonan kalakuan teh, meuni euweuh rarasaan, komo ieu ka awewe.”
Kempet :
“Eh........ Pemuda
Nginum
limun campur dawet
Entong
poho dahar bubur
Lamun
anjeun hayang salamet
Entong
wani ikut campur...”
Mamat :
“Meuli roti meuli bubur
Isukan
meuli sayur
Kuring
pasti ikut campur
Sebab
wajib ngabela dulur....”
Kempet :
“Buah nangka buah peuteuy
Kasmin,
Bewok serang euy...”
Kasmin :
“Aduh...... juragan, kuring mah taluk ah ku Ustad Mamat mah... kapok.”
Bewok :
“Kuring ge teu wani gan.....”
Kempet :
“Euh percuma boga anak buah teh. Hey pemuda, terima yeu tenggeulan kuring.”
(Hiyat....
hiyat.... hiyat..... hiyat..... tak.... tak..... tak..... tak..... plak....
plak..... plak..... plak.... Aw.... aw.... aw.... aw....)
Kempet :
“Aduh tulung..... sirah kuring leungit..... euy... ampun Cep mamat, kuring
taluk.”
Mamat :
“Enya sok nangtung....”
Sadayana :
“Hidup Ustad Mamat... hidup Ustad Mamat... hidup Ustad Mamat...”
Inem :
“Ssssst...... pengumuman-pengumuman. Nu pantes jadi istri Ustad Mamat, anak
kuring si Ayu.”
Kokom :
“Teu bisa, nu cocok mah anak kuring, si Onah si demplon si menor si eplok
cendol.”
Uun :
“ceu Inem ceu Kokom, sorry yah calonna Cep Mamat mah anak kuring, Neng Ikem,
sanes kitu Cep ?”
Mamat :
“Dasar ibu-ibu centil.... sim kuring mah dugi ka ayeuna teu acan kaemutan rumah
tangga. Garapeun masih rea. Amar ma’ruf nahi munkar masih panjang lalakona. Sim
kuring hayang ninggal ngawujudna kahirupan umat muslim. Pan ceuk nasyid ge..........”
(Nyanyi sararea)
“Bangkitlah
negriku..... harapan itu masih ada
Berjuanglah
bangsaku, jalan Dakwah masih terbentang.”
Hidup
Cep Mamat.... hidup teh Siti.... hidup Pa Lurah..
Hidup
Ema.......”
Mung sakitu lalkon Ustad Mamat saba
Desa, mudah-mudahan ngajantenkeun pelajaran kanggo urang sadayana dina
enggoning ngajalankeun ieu kahirupan.
Hapunten bilih aya kecap atanapi
kalimat anu matak ngajaheutkeun kana manah, Bobo sapanon carang sapakan,
hapunten anu kasuhun.
“Wassalamu’allaikum Wr. Wb.”